MODANA: Nikah Make Adat Sunda PDF

Title MODANA: Nikah Make Adat Sunda
Author Jawad Mughofar KH
Pages 29
File Size 314 KB
File Type PDF
Total Downloads 640
Total Views 692

Summary

Nikah Make Adat Sunda (Sakumaha di tuliskeunna tina buku Modana) Ditulis ku: Gilang Agus Budiman, Intan Kartika, Jawad Mughofar KH Mimitian Di jaman anu rea ku ka modernan. Seer pisan masyarakat Indonesia anu mika poho kana budaya na sorangan. Hususna budaya Sunda, hiji conto seueur katinggali ku ur...


Description

Nikah Make Adat Sunda (Sakumaha di tuliskeunna tina buku Modana) Ditulis ku: Gilang Agus Budiman, Intan Kartika, Jawad Mughofar KH Mimitian Di jaman anu rea ku ka modernan. Seer pisan masyarakat Indonesia anu mika poho kana budaya na sorangan. Hususna budaya Sunda, hiji conto seueur katinggali ku urang sadaya upami aya anu ngalaksanakeun nikah. Sadaya anu di contokeun ku sepuh urang teh tos teu nerap deui. Hampir sadayana kalakuan teh ngiblat kana budaya eropah nu di barat tea. Sarupaning, nikahan teh kedah pake gaun panjang tur beurat nu endah katut mewah. Di sampurnakeun ku ngalaksanakeunna di gedong. Upami teu kawasa nikahan di gedong, di palataran imah oge tetep keneh we kitu. Poho kana adat tur budaya. Dina ngjaga eta budaya, aya hiji buku anu masih merhatikeun kana kumaha carana meh urang bisa ngamumule budaya sunda, hususna dina nikahan. Mimiti diterbitkeun ditaun 1977 ku PT. Mangle Panglipur, nu eusina teh ngajentrekeun Upacara-Adat (Sunda) sapertos: seserahan, ngeuyeuk seureuh, nyawer, bantayan, huap-lingkung jsb. Ieu buku dinamian “modana”, kumargi ngabantun kecap nu aya di Baduy, hartos rangkepanana ngabesanan. Teu teubih ti Bebesanan di Pasundan. Literatur sanes ngajentrekeun yen modana teh tina basa Sangsakerta, anu ngagaduhan hartos: suka, bungah, gumbira, cinta, kacintaan, asih, kakasih, jsb. Modana ngagaduhan kapanjangan ti “modanakarya”, hartosna: padameulan nu husus nepagkeun cinta ngajadi nyata. Baheula upami bade ngalaksanakeun nikahan, kantenan anu ngajejeran atanapi ngagulungan eta upacara teh kedah ka anu uninga, kedah ahlina tur ngartos kumaha carana. Supados henteu nguciwakeun ka nu ngalaksanakeun katut nyaksianna. Mung di jaman kiwari mah anu di sebat ahlina teu kinten kirangna. Kawuwuh dina mendakna oge tacan tangtos tiasa dipuntangan. Bari komo di jaman aeuna anu rea pisan paham liberalna. Kusabab kanyataanna sapertos kitu, anu nyusun buku Modana: R. H. Uton Muchtar & Ki Umbara ngagaduhan pamaksadan tur wawantunan kana nyusun buku Modana. Kalayan maksad sasieureun-sabeunyeureun manawi aya gunana ka sugri anu mikabutuh, sakadar ulah nolog teuing dina prakna ngalaksanakeun upacara-upacara adat modana. (1977:1)

Aturan Nikah Saur Agama Islam A. Kawajiban sepuh ka putra 1. Uapmi kagungan putra parantos akil baligh boh istri atanapi pameger. Satiasatiasa kedah enggal diusahakeun ditikahkeun. Luyu sareng dawuhan Rasulullah SAW anu kieu unggena: Sing saha anu boga anak, buru-buru ngaranan anu alus sarta sopan. Jeung sing saha itu boga anak geus akil baligh, geus dewasa, kudu di usahakeun buru-buru ditikahkeun, sabab lamun eta budak teu gancanggancang ditikahkeun tuluy tikosewad kana kamaksiatan lantara teu tahan nahan sahwat; kolotna bakal kabagean goreng jeung dosana ti eta budak tea. 2. Peryogi pisan di emutkeun, ulah palay nikahkeun putra sateuacan dewasa, margi murangkalih anu masih di handap umur kirang kiat kanggo mayunan rumahtangga sareng awon kagungan putra tina bibit ngora, murangkalihna kirang bagja. Kitu numutkeun panalitian para sarjana, sakumaha ditulis dina UU Perkawinan No. 1 Peraturan Pemerintah Tahun 1976. 3. Upami putra istri parantos nyuhunkeun diwalian (dikawinkeun), enggal rama ngalaksanakeun pameredihna, margi eta teh wajib hukumna, kanggo ngajagi murangkalih tumiba kana dosa, upami teu enggal nikah, sok bilih eta murangkalih kagunagan putra henteu sah. Kanggo urang mah na’udzubillah (abdi nyalindung ka Gusti Allah, tina godaan kajahatan setan). 4. Upami wali bapa atanapi wali aki bade nikahkeun murangkalih istri parawah mah, tiasa teu aya idin eta murangkalih oge, namung sanaos kitu tetep kedah naros heula eta ka murangkalih. Upami nyata-nyata eta murangkalih istri teh alimeun kusabab parantos gaduh calon anu sanes, sarta teu beda agama, wayahna si bapa atawa aki tea kedah ngelehan anjeut, nurut kana kahayang budak tea. Matgi anu baris ngarandapan saterasna teh sanes bapa atanapi akina mung nyaeta murangkalihna tea. Sawangsulna upami wali bapa atanapi aki bade ngawinkeun putra istri anu parantos randa, eta mah kedah leres-leres pisan hasil pilihan anjeunna. Bapa atanapi aki mah darma ngawalian dina waktosna. Tapi ieu oge kedah anu saAgama. B.

Ngalamar Tata cara upami pameget bade ngalamar: 1. Teu kenging ngalamar istri anu parantos di lamar ku pameget anu sanes, sarta eta lamaran teh di tampi, margi bakal aya akibat mumusuhan. Larangan ieu di

dawuhan Rasulullah SAW, sabab anu nampi lamaran istri parawan sanes murangkalihna tapi ibu-ramana, dupi anu nampi lamran istri randa mah sanes sepuhna tapi dirina sorangan, janten moal aya jalan mumusuhan sareng sepuhna, da langsung tea. 2. Teu kenging ngalamar istri anu dipasakh ku Pangadilan Agama, di putus pipisahan kangge sawatawis, anu engekna tiasa di wangsulkeun deui. Nya kitu deui teu kenging ngalamar istri anu di thilaq khulu atawa Talak Tebus dimana si Istri nebus talak ka carogena sakurang-kurangna saageung mas kawin. Tah anu kitu teu kenging terus terang dilamarna kedah nganggo basa sisindiran. Conto Sisindiran tidieu sapertos, “Upami parantos seep Iddahna, wartosan bae akang.” 3. Teu kenging ngalamar istri anu dikantun maot ku carogena sateuacan seep Iddah atanapi waktos ngantos, (teu acan tiasa nikah heula) kangge istri anu pisah ti carogena. Boh di talak atanapi di cerai maot. nyaeta Iddahna teh opat puluh poe. C.

Nikah Anu kenging/sah di tikah sajabina ti istri biasa anu teu aya kawargian, aya deui nyaeta: 1. Upami urang boga bapa-tere bogaeun anak awewe ti bojona anu ti heula, eta kenging ditikah ku urang. Nu kitu nikah pateteran jenenganana. 2. Bapa-tere urang bogaeun ibu, eta oge sah di tikah ku urang; disebutna meureun urang teh nikah ka nini-tere. 3. Anak urang boga pamajikan, bogaeun anak tere ti salakina anu ti heula, tah eta oge beunang di tikah ku urang, jadi meureun urang sami sareng nikah ka incu tere. (Urang ka anak jadi mitoha). 4. Anak urang boha pamajikan, aya keneh dulur awewena hiji deui, roy bae urang bogoh ka eta dina teh, prak bae di tikah da eta oge sah ditikah ku urang. Meureun urang teh samitoha jeung anak. 5. Putra uwa, putra amang/bibi oge kenging ditikah asal teu kantos pacorok nyusuanana. Namung, numutkeun panalungtikan mah upami nikah ka kulawarga caket teuing teh matak lemah turunan. 6. Jeung sajabina, asalkeun ulah anu saibu sarama, sarama wungkul atanapi saibu wungkul.

D.

Wali Nikah Panganten moal tiasa di tikahkeun, upami teu aya salah sawiosna wali nikah nu diantarana:

1. Rama panganten awewe (disebut wali mujbir ka-1) 2. Aki panganten awewe (disebut wali mujbir ka-2) 3. Dulur lalaki panganten awewe anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2. 4. Anak lalaki ti dulur lalaki anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3. 5. Amang atawa uwa lalaki panganten awewe ti pihak bapa, anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul sareng bapana panganten awewe. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3-4. 6. Anak lalaki uwa/amang anu saindung sabapa sareng bapana panganten awewe. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3-4-5. 7. Wali hakim, upami parantos teu aya nomer 1-2-3-4-5-6. Dupi wali hakim tiasa ngawalaian/nikahkeun panganten teh, saupamina: a. Wali ti nomer hiji dugi ka nomer genep di luhur parantos almarhum sadayana. b. Atanapi wali nikah, tebih lalakon dua dinten dua wengi di jalanna ku angkat. (Dina buku Modana di jentrekeun yen jauhna sakitar 100 KM, kumargi jaman kapungkur mah teu acan aya kandaraan) c. Upami sadaya piwalieun anu di luhur, teu terang dimana ayana / teu terang tempatna (mafqud) d. Upami sadayana piwalieun teh teu aya urang Islam. 8. Wali adhol, nyaeta hiji wali anu teu siap ngawalian anu salajeungna di putus ku pangadilan supaya di tikahkeun atawa ku make surat pernyataan teu satuju/moal ngawalian. Bari eta surat teh di tanda hareupeun hakim, eta oge bisa di tikahkeun ku panghulu (wali adhol) ngaranna. 9. Tahkim, nyaeta dimana panganten awewe ngangkat hakim sareng panganten lalaki, upama eta budah awewe tos teu boga piwalieun. 10. Wali anak (pindah hak wali) nyaeta anak tiasa ngawalian indung, upami eta budah lalaki teh hasil tina pertikahan antara dulur misan anu bapana saindung-sabapa atawa sabapa wungkul (eta pindah wali ngaranna). Syarat Wali Nikah: 1. Piwalieun teh akalna sehat 2. Merdeka dirina, sanes jelema beulian (abid) 3. Piwalieun teh urang Islam sanes kapir

4. Baligh sarta sehat akal, mun budak keneh atanapi gelo, teu tiasa janten wali 5. Lalaki, sanes awewe atawa wandu 6. Adil, tara boga bohong tara ngalakukeun dosa gede dihaja, saperti zinah, maehan atawa nginum anu matak mabok E.

Mas Kawin / Mahar Mahar teh hak istri. Ku margi kitu istri hak menta mahar (mas kawin) ka nu jadi salaki, ditangtukeun ageungna nurutkeun kamampuhanana anu jadi salaki, sareng anu jadi salaki kedah masihan mas kawin ka nu jadi pamajikanana anu saageung-ageungna nurutkeun kakuatanana, ulah ngabeuratkeun awakna sorangan anu sakira-kira moal kabayar, da awewe oge teu kenging nyuhunkeun mas kawin anu pibeurateun salakina. Mas kawin teh ditangtoskeunana sateuacanna akad nikah, maksadna supaya dina ijabkabul kacandak ku kecap wali, seueurna atanapi ageungna. Nya kitu deui supados kabantun dina jawaban panganten pameget, boh kontan atanapi dihutang. Margi mas kawin teh tiasa dibayar kontan atanapi di hutang samentara waktos. Salajengna mas kawin tes tiasa bebas teu dibayar, upami pertikahana pasekh. (kusabab cacad istri, atawa gelo atawa boga panyakit nular) lajeng lalakina dongkap ka Hakim, ku Hakim di putuskeun, oge eta pamajikan teu acan dicampuran mondok, eta teu kedah di bayar mas kawinna. Tapi upami pisahna salaki jeung pamajikan teh ku jalan talak, sarta teu acan dikuleman (dihadean), ieu mah satengah mas kawin kengingna dibayar, satengahna deui dibebaskeun bae. Upami geus dikuleuman mah kedah bae dibayar sadaya. Dina talak sareng dina pasah oge upami geus “hade” mah kedah dibayar sadaya.

F.

Talak / Tolak Aya dua kecap dina ngaragragkeun talak, diantarana: 1. Kecap anu soreh (jelas/terang) Kecap anu nyata/jelas sanaon dina hate henteu maksud ngaragragkeun talak, tetep talakna jadi, contona saperti awewe anu henteu ngageunahkeun hate salakina. Bakat ku kesel hate salakina nepi ka kaluar kecap, “kieu-kieu teuing mah diserahkeun ku urang” atawa “ditalak bae ku urang”. Harita keneh eta talak teh ragrag ka bojona (tos lain salaki-pamajikan deui). Nyarios kitu teh bade dines atanapi heureuy. 2. Kecap anu kinayah (kurang terang / samar-samar) Anu henteu nyata, kurang terang atanapi kurang jelas, sapertos kieu: 1. Mama balik ka imah maneh (kurang jelas)

2. Mama aeuna mah kaula geus teu aya kakawasaan ka anjeun (kurang jelas) 3. Mama urusan anjeun dina kakawasaan anjeun (kurang jelas) 4. Mama tutup sireh teh, anjeun ayeuna mah merdeka. Omat kanggo pameget perhatosan sing atos-atos ngajagi kana kasaruan anu tumali sareng masalah pertikahan, margi akhirna mah matak nyilakakeun ka diri urang keneh. Ieu conto nu opat, teu matak ragrag talak upami dina hate teu maksud ngaragragkeun talak mah., tapi upami maksud dna hate nalak mah harita keneh ragrag talakna. Nalak teh hukumna kening, mung dibenduan ku Allah, numawi upami teu acan madarat-madarat teuing mah ulah palay, margi akhirna sok seueur nu kaduhung. Untung upami talakna teu acan seep, tiasa diruju. Upami parantos seep mah sesah pisan bade ngawang-sulanana deui teh, paling tiasa upami parantos kaselang heula (ditikah) ku nu sanes, wartosna sok aya anu nikah panyelang sarta diupahkeun, dina Agama Islam teu aya palaturan kitu (nikah samentara), haram hukumna. Emutkeuneun kaum pameget: 1. Teu kenging nalak nu nuju haid (udur sasih), margi matak ngalamikeun kana lubar iddahna. 2. Teu kenging nalak nu nuju suci saparantos kokotoran nanging campur heula boh sakali atanapi dua kali. 3. Teu kenging nalak teu aya kecap satuju ti bojona, sareng carogena teu kenging nganyerikeun sapihak. 4. Teu kenging nalak ngawakilkeun. 5. Lalaki nu mabok teu sah nalakna (teu matak ragrag talakna) G.

Nusuz (Doraka Awewe) 1. Istri anu dibawa ngumbara balik teu bebeja atawa dibawa indit-inditan kaluar nagari/daerah, balik tiheula teu bebeja. (Ka awewe kieu teu kedah dibayar balanjaan jeung pakean). 2. Istri anu turu ti imah, boh balik ka imah kolotna atawa kamana bae, sarta teu bebeja ka salakina lantaran dipangnyandungkeun, sedengkeun nyandung mah hak lalaki asal adil nurutkeun aturan agama, adil dina sagala-galana. 3. Istri anu henteu taat kana parentah salakina, boh parentah wajib sunat atawa teu dilarang ku agama ngalakonan eta parentah teh, nya kitu deui teu taat kana cegahanana boh anu diharamkeun ku agama atawa goreng ceuk agama ceu

masyarakat. Istri anu kitu, anu ngabantah ka salaki, teu hak nampa biaya jeung pakean ti salakina, jeung teu hak menta pasah ka salakina. H.

Iddah

a. Hak Istri Dina Lebet Iddah: 1. Kenging balanja sareng tempat cicing, (istri anu dina lebet iddah, teu kenging waka udar-ider ninggalkeun imah) a. Istri anu bisa diruju b. Isri anu ditalak tilu keur kakandungan c. Istri anu dipasah tapi kakandungan d. Istri anu dikhulu (talak tebus), nyaeta awewe anu menta ditalak bari teu aya kasalahan ti pihak lalaki, bari keur kakandungan. e. Istri anu dikantunkeun maot ku salakina nuju kakandungan (numutken sabagian sahabat Nabi) 2. Anu diimahan wungkul: a. Istri anu ditalak tilu, henteu kakandungan b. Istri anu dipasah, henteu kakandungan c. Istri anu dikhulu, henteu kakandungan 3. Teu kenging balanja teu diimahan: a. Istri anu dikantunkeun maot ku carogena teu kakandungan b. Istri anu nyieun doraka ka salakina, mangrupi zinah sareung sajabina. Dupi istri anu dikantunkeun ku carogena anu henteu ngandung, numawi teu kenging balanja iddah sareng imah teh, margi engkena bakal kenging warisan tina kakantun carogena, sareng kenging harta campur kaya deuih. Teras dupi anu kakandungan mah, buka warisna teh engke saparantos ngalahirkeun, auu bakal aya katangosana bagian warisna. b. Iddah Muasaroh (Iddah campur): Upami pameget mirak hiji garwa nanging dina salebet iddah ti sadipirak teu misah bumi, sok dipaparin artos, dipaparin anggoan tapi teu dikuleman, eta teh matak hawatos ka nu dipirak lantaran teu tangtos iraha seep iddahna. Najan teu sabumi oge, nanging sok sering-sering disumpingan ka rorompokna, diajak angkat sasarengan, diajak sering ngobrol ngalir-ngidul guguyonanm sami bae petana kitu si pameget teh matak teu tangtu iraha seepna iddah popotongan. Komo upami popotongan kantos dicium atanapi di kuleman mah lebetna eta parantos rujuk deui,

Saena papada popotongan ulah aya intim-intim, silih anjang-anjangan acan, ulah silih memenan. Pameget ulah kaluar tina wajib mere balanja iddah, sareng nu nampa ulah menta leuwih tina hakna nampa balanja iddah, kajabi upami istri anu dipirakna teu acan diduhul (disarean) sabab ti istri anu kitu mah pameget teu gaduh iddah. c. Pameget anu gaduh iddah: A. Upami hiji pameget pipirakan sareng garwana atanapi dikantun pupus ku garwa, lajeng aya maksud palay nikah ka istri rayina atanapi rakana anu dipirak tea. Nembe syah saumpami seep iddah si pameget lamina tilu kali kotoran anu dipikapalayna. Upami kirang ti sakitu lamina sami sareng diwayuh adi lanceuk (haram). Upami ka rayina atawa ka rakana garwa anu pupus mah, iddahna tiasa nikah saparantos opat sasih sareng sapuluh dinten ti pupusna si garwa tea. Upami garwana nu pupus tadi parantos teu haid (kareseban) deui mah, iddahna mung tilu sasih. Upami anu dipirak tadi teu acan di duhul mah (disarean) dikuleman, teu aya iddah. Nikah ka rayina atawa ka rakana harita oge kenging. B. Pameget anu garwaan opat, lajeng mirak hiji garwa, lantaran palay nikah deui ka nu sanes (umum) iddahna sami sareng nu diluhur. Upami teu acan seep lajeng bae nikah kalebet kagungan garwa lima. Putrana kalebet putra haram, turun-tumurun haramna. ngajagi lahirna murangkalih haram, sae dipirak deui nanging iddahna jadi saasal tadi (da nu parantos mah batal) lamina iddah ngawitan ti di pirakna deui, weuteuh deui tilu sasih (tali kali kotoran). Tata Cara Nikah Make Adat Sunda 1. Nendeun Omong Neudeun omong nyaeta proses dimana ti pihak lalaki neundeun omong atawa talatah anu eusina boga niat jang hahadean. Neundeun omong bia dihartikan oge mere jangji proses neundeun omong atawa ngalagat biasana teu dibarengan ku upacara nikah, tapi saukur mangrupakeun proses wawanohan antara lalaki jeung awewe atawa proses anu ngamimitian ayana upacara nikah. Dina acara neundeun omong ieu oge pas datang ka bumi anu dituju sapertos urang nyemah biasana, henteu loba-loba palin dua atawa tiluan. Kitu deui lengoh we teu barang bawa nanaon jeung budak lalakina ge teu sina milu. Pribumi oge sarua sanajan diiberan heula nampana teh saperti nampa semah sapopoe bae, henteu sasadiaan nu istimewa kayaningdina pasang peta imah. Dina sasadiaan keur nyuguhan hent.ngeu katembong beda ti

sasarina. Ngabubukaanana carita oge nya kitu sabiasana nganjang sasari, ngan iwal upama antara semah jeung pribumi teh teu acan wanoh ti tadina. Eta mah biasana tara panjang-panjang ngabubukaan sok ngaburukeun perluna bae. Kawasna karandapan atawa kamaphum ku sararea oge dina urusan nu penting mah nyarita teh sok bareurat ari can kaluangan mah, komo mun jeung disanghareupanana jelema ajenaneun atawa pikaserabeun. Eta sababna anu mataknateu kurang kurang nu sok ngawakilkeun dina pokna nyaritakeun pamaksudan teh, pangpangna nyingkahan pikaeraeun. Lian ti eta deui, kapan dina kekecapan oge kudu merenah gekgekanana, surup undak usuknana, puguh anggahungguhna, ngukur kana harkat darajat anu disanghareupanana. Kasar lemesna ulah nepi ka pasolengkrah, pacorok salah larapna. Kitu mungguhing adat, tatakrama hirup kumbuh nohonan bemakrama. Ari pokpokanana ngedalkeun pamaksudan umpamana bae kieu: “saleresna mah kieu anu mawi dongkap teh, namung sateuacanna kapiunjuk, sumeja nnyanggakeun sewu-sewu bebendu laksa-laksa duduka bok bilih engke kapiunjuk teh matak jadi sesendu kalbu ngajaheutkeun mamanahan. Da menggah itikad mah estu putih beresih, sumawonten gaduh emutan nu sipatna ngunghak campelak, ampun nya paralun ieu mah kumawantun miunjuk soteh mung awahing ku hoyong ngajeujeuhkeun kakeyeng pun anak wasta pun Ulun, manawi sareng manawi disarengan ku milikna karidoan ku (bapa, jeung raka, jeung rai jst) 2. Nanyaan Nanyaan, ngalamar atawa nyeureuhan jeun neundeun omong teh mungguh enasna mah sarua, nyaeta menta budak awewe ka kolotna supaya dikawinkeun atawa kawinkeuneun ka anakna. Bedana neundeun omong jeung nanyaan teh nyaeta ari neundeun omong mah susuganan keneh, sugan kabiruyungan nu matak sakapeung mah nyaritana oge bari heureuyheureuy acan. Ari geus nepi kana ngalamar mah geus gilig, nyieun kapastian ngan ari maksud kekecapanana mah nya meh kitu kitu keneh. Nanyaan teh hartina moal aya nu bireuk, nyaeta nanya ka itu ka ieu. Nu matak disebutkeun kitu, kapan eta nanyana teh lain kabudak parawanna (awewena), tapi kakolotna deuih, babakuna ka bapana. Kapan engkena oge dina waktuna kawin nu baroga lalakon teh saliana panganten lalaki nya panganten awewe jeung bapana nu ngawinkeun , nu disebut wali tea. 3. Ngalamar

Ngalamar bisa jadi asalna tina ngalemar lemesna tina nyeupah, lantaran baheula mah anu nanyaan teh nurutkeun adat talari paranti kudu bae mawa seupaheun. Minangka kagegelan ka nu rek diunggahan, engke dimana paneja enggeus laksana nanyaan ditampa eta seupaheun diserenkeun ka pribumi tuluy disareupah ku sarerea sakur anu ngiriung bareng. Malah sawareh pamake mah eta seupaheun teh aya oge anu geus dijieun lepit, nyaeta seureuh beunang ngalipetkeun dijerona geus diapuan, digambiran, dijambean jste. Upama eta lepit anu diserenkeun ku pribumi tuluy diseupah, tanda panglamar lungsur langsar ditarima. Ngan lamun ditampa tuluy dibuka lipetana teu tuluy diseupah, tandana pribumi masih keneh aya kapanasaran. 4. Nyeureuhan Nyeureuhan nyaeta ngabogaan arti mikeun seureuh nyaeta masrahkeun seureuh (seupahan) saperti anu kaunggel diluhur. Anu matak seureuh (seupaheun) nyekel rol, lantaran baheula mah nyeupah teh pagawean sarerea, kabeuki sarerea teu awewe teu lalaki, sakur sakur anu kasebut geus samawa mah sok nyareupah. 5. Seserahan Seserahan sasaruaanana papasrahan, nyaeta masrahkeun pipanganteneun lalaki ka pimitohaeunanan, sabab rek dikawinkeun ka anakna. Lantaranana, dume...


Similar Free PDFs